HANAS TEU TIBAHEULA
Sora manuk di pipir imah anu matak
waas matak sing sérédét kana manah mépéné haté anu simpé, pikiran kumalayang
nyoréang mangsa katukang, ngalangkang dina kongkolak panon, cita-cita anu dipiharep nepi ka ayeuna can laksana, hanas teu
tibaheula nuturkeun kana omongan nu jadi kolot, lamun diwaro mereun moal kawas
kieu jadina, haté nalangsa ningali batur anu geus seneng beunghar ku
sagalagalana, di gawena geus ngarareunah duit ngalir tiap bulan, bisa nyumponan
pangabutuhna, malahmah bisa méré kanu jadi kolotna, ari kuring ayeuna pagawean
ngan saukur diuk dina lamunan, ngalamunkeun nasib anu dirasaken, kadangmah sok
era kunu jadi kolot, can bisa mulang tarima,
Gancangna carita Poé ayeuna geus
rada beurang panon poé manasan ka alam dunya, nepika karasa kana awak panasna,
teu kungsi lila kuring papangih jeung pa Asep, mantena salah sahiji pengurus
majlis pangajian agama, tempat kuring baheula ngaji keur budak, tapi ayeuna mah
sok tiisén, lantaran ku karedulna budak ayeuna . Terus pa Asep naros ka
simkuring.
“ jang nju naon atuh ngalamun wae?, geus hayang
kawin “ saur pa Asep bari sura séri
ngahereuyan.
“ ah sok aya
aya wae akang mah, padamelan oge teu
acan gaduh, bujeng-bujeng ka ngemutan nikah, ke kumaha atuh pun bojo bade nuang
naon pami teu acan tiasa milari artos mah” waleran singkuring bari meseum..
([1]) “nya ku naon atuh mikiran naon meuni ngahuleng wae tatadi di banungan
teh? ” pa Asep naros deui
“ kieu kang !! abdi
sok ararisin kunu janteun sepuh, teu acan tiasa mulang tarima ka mantenna,
benten sareng batur, batur mah tos garaduh damel tiasa mere kanu janten sepuh
na. tapi simkuring pagawean sapopoé kieu we jeung kieu ngan saukur ngalamun,
ngopi jeung udud, kadang kawis mah simkuringge méni asa hayang siga batur bisa
nareangan duit sorangan mere kanu jadi kolotna,
“ waleran simkuring
([2])”
jang!! dangukeunnya ari nu
ngaranna nu jadi kolot mah lain hayang di bere ku anak harta nu bru di juru bro di panto ngalayah di
teungah imah, tapi hayangeun kolotmah nu jadi anak nateh bisa jadi jalma anu
mampaat keur dirina jeung jalma anu aya di sakurilingngeunna, lantaran ari pang alus-alusna jalma mah nyaeta
jalma anu mampaat keur dirina jeung jalma liana, pasti da nu janteun sepuh mah
di mana-mana oge sami emutan na sepertos kitu sok gra emutan? “ saur pa Asep,
“ sumuhun
nyaeta, simkuring hanjakal hanas teu
tibahela simkuring nurut kanu jadi kolot mereun ayena teh moal kieu jadina, ku
kolot di titah sakola embung simkuring teh da baheula mah naon ah sakola da
kitu-kitu keneh gening nu sakola jeung nu teh sakola teh, tapi geuning ayeuna
karaos namah, batur mah marenang elmu, menang ijazah, pikeun menang pagawean
anu mereunah,” waleran simkuring.
“ salami roh urang masih di kandung badan awak
urang masih keneh sehat, mengpeng urang ayeuna masih keneh lengoh can boga
pikiranen, sok eusian diri teh ku elmu pangaweruh agama insya Allah hirup urang
bakal barokah” pa Asep nganasehatan ka simkuring,
Tah tidinya simkuring mikir bener oge anu di obrolkeun ku pa Asep. Kacaritakeun
Waktos ayeuna geus poék mongkleng, gancangna carita ges solat isya simkuring
ngobrol jeung sepuh wireh simkuring teh hayang neangan elmu agama susuganan bisa ngembangkeun agama di lemur,
jeung bisa menang kabarokahan, terus gancangna carita simkuring di widian kanu
jadi kolot.
Saparantosna netepan subuh simkuring
beberes pakean anu rek dibawa pikeun nyiar elmu. Panon poé ayeuna geus katingal
caang, nandaken wakru geus berang alam anu sakieu endahna katingali bengras,
angin isuk cing hiliwir di tuturken ku sora manuk anu matak waas, teras sungkem pribados kanu janten indung, sareng ngenta pidu’ana mugia
sing
di babarikeun
neangan tempat pikeun nyiar elmuna, sareng mugia sing lancar dina ngajina,
“ema bapa
hampura simkuring ayeuna angkat, mudah-mudahan lengkah simkuring ka anu di tuju
sing ngajadikeun ibadah pikeun urang sararea” omongan simkuring ka sepuh.
“ mhun ujang manga ema jeng bapa moal mekelan
ku harta bana, mung do’a nu bisa ku ema di bikeun mugia ujang dina milari elmu sing babari sing loba nu nyaahhen ka maneh “
omongan indung simkuring bari cipanon nyurucut dina pipina.
“muhun hatur nuhun pisan ma di do’akeun na
oge, mangga ma ayeuna abdi ayeuna bade angkat, Assalamu’alaikum”
Terus simkuring
ngalengkeun suku nu di niatan rek neangan elmu, pikirmah singkuring ge embung
ningalkeun kolot anu ayeuna geus teu boga sasaha deui kecuali simkurig, tapi
dakumha singkuring ge kudu aya perubahan pikeun masa kaharepnaken, da piraku
rek kieu wae mah.
Gancangna
carita simkuring geus lempang jauh ti imah nepika suhunan imah geus teu
katingali deui, terus wae ngalengkah nuturkeun indung suku, panon poe ayeuna
ges di luhuren sirah nandakeun waktu ayeuna geus tengah poé, tapi nepika ayeuna
simkuring can manggihan tempat pikeun neangan elmu anu rek di arah ku simkuring,
dina tankal kai anu geus kacida badag na
aya batu, “sigana didieu ngenahen lamun niis hela “ dina jero hate
sikuring, tuluy ti dinya simkuring diuk ula dina batu bari nyarande kana
tangkal kai gede, ningal pamandangan an
endah pisan kebon eurih anu katebak angin lanit anu biru di tuturken ku sora
manuk anu endah, bari mikiran ciptaan pangeran anu sakieu lega jeung kumplitna.
Terus singkuring
nuluyken lengkah saparantosna sababaraha
menit ngaleurehkeun kacape, gancang na carita simkuring ngaliwat ka hiji sawah
anu mana eta sawah teh keur usum di pacul aya sababaraha jalma didinya ker
macul, terus simkuring nanyaken tempat keur ngaji kanu keur maracul,
“Assalamu’alaikum”
ceuk simkuring
“Wa’alaikum
salam” ceuk nu keur maracul bari panon
na ngarérét ka simkuring kabehan nana
“punten pa bade
tumaros upami tempat pangajian nu tiasa mondok di palih mana nya? “ tumaros
simkuring
“Ooo... Teras
wae jang tuturkeun jalan ieu ke bakal mangihan hiji kampung tah didinya
pasantren sok we cobian ka pasantren eta “ ceuk nu ker maracul
“ mhun pa hatur
nuhun .. Assalamu’alaikum” ceuk simkuring bari uruk salam
Terus simkuring
mapay-mapay jalan anu di tuduhken ku bapa-bapa anu keur maracul, lempang jalan
satapak anu sisina pinuh ku tangkal kalapa, gancang carita saparantosna lempang
jauh ti anu keur maracul tadi ngaliwatan leuweng geledegan nanjak jeung mudun,
terus simkuring manggihan ibu-ibu anu keur ngarariung terus simkuring tumaros.
“
Assalamua’alaikum” saur simkuring
“Wa’alaikum
Salam dupi aya naon jang” saur ibu-ibu
“ieu bu babe
naroskeun pami pasantren nu caket di palih dieu palih mana nya” saur simkuring
“Ooo.. teras we
jang lajeung ka payun sakedik deui, ke bakal mendakan gang, tah dina gang eta
aya plang Pesantren” saur ibu –ibu bari nujukken arah jalan na
“ mhun bu hatur
nuhun .. Assalamu’alaikum” ceuk simkuring bari uruk salam.
Saparantosna kitu
simkuring teraskeun lengkah kanu di tuduhkeun ku ibu-ibu tadi, teu kungsi lila
kuring lempang enyaan wae manggihan hiji gang sareng aya plang pasantren
Miftaahul Ulum, terus kuring asup kana gang eta, “manawi teh di gang éta tos
caket aeh ternyata masiih keneh jauh” ceuk kuring din aero hate. Kira-kira
sateungah jam tina gang tadi simkuring karek nepi ka pasantren, saparantos dugi
simkuring ningal para santri marake sarung jeng kopeah, keur arulin di buruan
asramana,
“Asslamu’alaikum” saur simkuring ka
para santri
“Wa’alaikum salam “ ceuk para santri
“kang puten pami pa ustadz na
yondong teu nya? “ saur simkuring ka para santri
“ mmhh.. muhun aya di bumina, dupi
aya peryoginaon kang” ceuk para santri
“manawi simkuring téh bade ngiring
mondok didieu, Manawi di widian ku pangersa ajeungan “ saur simkuring ka para
santri
“Oohh… nya manga atuh ku simkuring
di anter karorompok pun ajeungan “ Saur
hiji santri anu pang gedena diantara para santri nu aya didinya
Teras simkuring dianter ku santri
didinya nepangan kiyai nu ngurus eta pasantren, saparantosna dugi ka rorompok
ajeungan,
“Asslamu’alaikum” saur santri,
“Wa’alaikum salam” aya nu nembalan
ti jero bumi ajeungan
“aya naon mang ?” ceuk murangkalih
ajeungan anu pamegetna
“Ieu aya tamu bade ka Bapa, manawi
nyonong bapana?” saur santri
“oh,, aya nuju di masjid ke atuhnya
urang sauran heula, manga atuh mang di leubet antosan di lebeut gera” saur
murang kalih sambut ka simkuring
Saparantosna ajeungan di sauran ku
murangkalihna teu kungsi lila ajeunga datang bari mke sorban hejo, teras santri
salam ka ajeungan eta nyakitu keneh simkuring oge,
“punten pa, ieu aya tamu hoyong
nepangan bapa saur nateh” ceuk santri ka ajeungan
“ dupi aya perygi naon mang ? “ saur
ajeungan ka simkuring
“hapunten pangersa ajeungan
simkuring kumawantun, nya kahijinamah simkuring nepangkeun silaturahmi
rahmina”saur simkuring ka ajeungan
“mhh.. mhun sae pisan atuh, di tanpi
pisan silaturahmina “ saur ajeungan ka simkuring
“ kaduana simkuring the gaduh
kereteg dina manah, anu salami ieu ku simkuring sok di almunkeun wae tiap
dinten” saur simkuring
“manawi aya pasualan naon atuh, meni
dugika di lamunkeun wae” saur ajeungan ka simkuring
Teras weh simkurig teh nyarikakeun
sasakalana simkuring di kawit dugikeun ka tiasa nepangan mantenna.
( [3])
“mhh.. kieu jang sakabeh mahluk
nu hirup di alam dunya ieu pasti ngabogaan masalah, cirining urang teh di bere
ka sampurnaan hirup kunu kawasa, da ayeuna lamun urang teu ngabogaan masalah
naon anu rek di pikirkeun ku urang, contona bae, urang ayeuna masalahna teu
ngabogaan pagawean, kumaha carana sangkan urang menang pagawean anu halal bisa
nghasilkeun duit anu barokah keur di pake ku urang, cik ayeuna mah sok gera
pikiran ku anjeun kumaha carana urang menang gawe nu merenah “ saur
ajeungan ka simkuring
Terus simkuring cicing ti dinya teu
ngomong nanaon.
([4])“Lamun urang
hayang muka panto anu ka konci teu bisa ka buka, tangtu urang
teh kudu ngabogaan alatna pikeun muka panto eta, naon atuh alatna ?
nyaeta konci ,tah ayeuna kumaha carana sangkan urang menangkeun konci eta naha
eta mah carana rek neangan koci sérepna atawa ngieun ka tukang duplikat konci,
urang pasti usaha pikeun mukana eta panto, tah ayeuna kaitken kana kahirupan
urang anu ku anjeun ayeuna jadi masalah, kumaha carana hirup urang ayeuna bisa
bagja di alam dunya katut engke hirup urang di alam akherat,da urang dialam
dunya mah ngan saukur ngaliwat wungkul lir ibarat urang pepelakan, lamun ayeua
pepelakanna hade, mineng di piara, di ceboran, lamun aya hama gancang-gancang
di singlar ku obat anu matih, tangtu
urang menang bakal menang hasil anu muasleun, kitu urang ge jaga, tah ayeuna nu
jadi patarosaanna naon atuh békel urang di akherat kudu kumaha di alam dunya,
nyaeta ngieun amal sholeh, ayeuna kumha carana urang sangkan bisa ngieun amal
kahadéan, nyaeta ku ngaji,” saur ajeungan mapatahan ka simkuring.
Saparantosna ajeungan ngobrol kitu
ka simkuring teras ku simkuring di pikiran, berarti bener ceuk pa asep lamun
urang hayang bagja dunya akherat tangtu urang kudu boga elmu pangaweruh agama.
Teras kuring widi ka ajeungan bade ngiringan ngaos di ieu pasantren, sapartosna
di widian ku ajeungan simkuring modok di ieu pasantren, kuring ngilu mondok,
ngaji baranggawe di ajeungan mudah-mudahan cing barokah [5]
Gancang na carita opat taun lilana
kuring di pasantren ngilu dahar bareng jeung para santri, barang gawe di kiyai
, tuluy ngilu ngaji bareng, nya alhamdulilah ayeuna kuring geus balik ka lemur
asal, ngamalkeun elmu nu salami ieu di aji di pasantren, Alhamdulilah hirup
jadi tenang sanajan pas-pasan tpi meni teu asa boga beban nanaon mungkin ieu
anu di caikeun ku ajeungan opat tahun katukang.
Bimo walgito. Yayasan
penerbitan fakultas psikologi UGM Yokyakarta. 1982. hal: 96
Tidak ada komentar:
Posting Komentar